Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Conto Nyerenkeun Panganten Bahasa Sunda


Para alim ulama, para kasepuhan, para pajabat, aparat pamaréntahan di ieu wewengkon, dulur-dulur, sobat-sobat, bapa ibu sadaya, wargi-wargi anu sami hadir.

Assalämu ‘alaikum war. wab.

Innal hamdan lilläh, nahmaduhü wa nasta’ïnuhü, wa nastaghfiruh, wa na’udzubillähi min syurüri anfusinä wa sayyiati a’mälinä man yahdillähu falä mudlilla lahu wa man yudllil falä hädiya lahu. Asyhadu an lä Iläha illalläh wa asyhadu anna Muhammadan ‘abduhü wa rosüluh. Allähumma sholli ‘alä sayyidinä wa maulänä Muhammadin SAW, wa ‘alä älihi wa ashhäbihit toyyibïnat töhirïn, alladzïna yujähidüna fï sabïlilläh wa man tabi’a lahum bi ihsänin ilä yaumil qiyämah.

Allähumma ya Alläh, ij’alnä min ‘ibadikal muttaqïn, wa ahli tho’atikal muhibbïn, wa ij’alnä minal ahyä-i marzükïn, ma’al ladzïna an’amta ‘alaihim minan nabiyyïna wash shiddïqïna wa syuhadä-i wash shölihin wa ‘alainä ma’ahum birohmatika yä Arhamar Röhimïn. Amin yä Robbal ‘Älamïn.

Ammä ba’du fa aqülu wa billähit taufiq.

Puji kalih syukur mangga urang sanggakeun ka hadirot Ilahi Robbi anu parantos ngersakeun dina danget ieu, kalawan qada sinareng qadar-Na, urang sadaya tiasa ngariung mungpulung patepung lawung, paamprok jonghok di ieu majlis. Mudah-mudahan sadayana kenging kaberkahan ti Allah SWT. Amin.

Ngawitan acara dilantunkeun ayat suci al-Quran, mudah-mudahan Nurul Quran, cahaya Quran, husus sing nyinaran ieu sohibul maqasid, oge nyaangkeun kana manah urang sadaya anu sami hadir, anu sami ngiring bingah.

Salajengna, sim kuring atas nami pun lanceuk Pa XXX sinareng garwana Amah YYY, nganénéhan pun lanceuk tapi nyebat apa sareng amah teh ngarah kabula kabalé wéh ieu mah. Nu janten lalakon – nu badé diobrolkeun – jang ZZZ, éta téh pun anak ceuk angkenan jinisna, kitu deui sim kuring ngangken anjeuna. Nanging sepuhna jang ZZZ dinénéhan Apa sareng Amah, duméh urang lembur nyarebatna kitu, atuh sim kuring ge anu dina raraosan mah masih ABG, tambih deui balad-balad teh mojang sareng jajaka seuseueurna – sanes dina fesbuk, nanging kanyataanana, nya sim kuring nganggap sepuh ka ibu ramana jang ZZZ. Pancakaki ieu mah.

Tinu panca kaki, kawitna mah nu badé dicarioskeun ngawakilan Apa sareng Amah teh dijudulan panca Silah, mung tadi aya nu ngaharéwos “Kahadé ulah panjang teuing, singkat padat sajah, apanan urang teh indit ba’da subuh qobla seubeuh”, cenah. Saking ku sumanget hoyong nedunan panggupay nu jadi dulur, jadi tatangga, jadi balad sagulung sagalang, rebun-rebun kénéh tos karempel di pakarangan Apa, anu ukur sagewok.

Nya urang ringkes wéh janten Tri Silah, da pami janten Ëka Silah bilih kalah manjangan cariosan alatan sieun pondok teuing, malah mandar ngacacang sabulang bentor.

Silah nu kahiji, Silaturahim. Sim kuring sarombongan ti Lembur SSS anu dibobotohan ku urang TTT, seja silaturahim sareng dulur-dulur salembur, ikhwan-ikhwan sa- Tasik nu aya di ieu wewengkon. Apanan silaturahim téh nyambungkeun duduluran anu pinuh ku rasa welas asih. Komo deui dina al-Quran tos jelas “wa yaqtho’üna mä amarallähu an yüshola” eta teh al-fasiqun.

Di antawis rombongan sim kuring anu hadir aya hiji jajaka wastana ZZZ bin Bapa XXX. Anjeuna sok chating – ceuk basa barudak mah, chating sareng wanoja di ieu wewengkon anu wastana UUU binti Bapa VVV. Langkung ti eta, sanes sakali dua kali ieu jajaka, paribasa mun nyandak motor sanés jam kantor téh nyebatna badé ka gang LLL, upami sanés aya nu miwarang mah.

Dina emutan kulawarga Apa, mun kitu urang nyempetkeun waktos ngarah sapagodos, nangtoskeun bentuk silih wasiatan di antawis dua kulawarga jang ZZZ sareng Néng VVV, bilih janten jalmi anu rugi. Komo deui upami urang henteu nganiatan silih wasiatan anu tos diparéntahkeun ku Allah SWT, malah urang dicap jalmi fasék.

Tah kitu silah anu kahiji. Tambih deui, apanan dina riwayat muslim parantos jelas “sing saha anu hoyong dijembarkeun rizki, mangka urang kedah keresa silaturahim”. Apanan ayeuna ge katingali, nembé niat ti rorompok bade silaturahim, karaos tos dibagjakeun ku pribumi.

Atuh silah anu kadua, nyaéta Silatul wa’di. Sim kuring sarombongan seja nyambungkeun janji pasini jang ZZZ sareng néng VVV, da sanaos nyarios I LOVE YOU FULL, hanya hampa belaka, dan semakin hampa. Langkung ti éta, ti payun sim kuring sareng Apa kantos ogé mageuhan janji pasini aranjeuna ngalangkungan riungan sareng pihak kulawargi néng VVV. Intina, DI ANTARA RUMAH INI ADA CERITA, PINTU JENDELA SELALU INGIN BICARA. Ayeuna pisan sim kuring, salaku wawakil Apa sareng Amah hoyong silatul wa’di, nyambungkeun janji pasini barudak sareng kasaluyuan urang salaku sepuhna nu kantos dipaheutkeun tipayun, malah mandar ngadatangkeun rasa reugreug tur janten kasaean mungguh Allah SWT.

Sim kuring yakin, dua jiwa jang ZZZ sareng néng VVV, ti saprak aya riungan dua kulawargana, dina ati sanubarina nyelap kalimat TAK DAPAT KUBAYANGKAN BAHAGIA MERAJUT KEMESRAAN YANG TERTUNDA. Urang tikahkeun wéh éta duanana ayeuna.  Urang doakeun sangkan saparantosna ditikahkeun sing janten kulawarga tengtrem tur merenah kalawan nyandang prédikat kulawarga anu sakinah mawaddah warohmah.

Silah anu katilu, silatun-nafsi. Sakumaha silah nu kadua, nya sim kuring sarombongan kadieu seja nyambungkeun diri sagemblengna jang ZZZ sareng neng VVV dina ikatan pertikahan anu saluyu sareng syari’ah agama. Apanan upami tos aya iketan anu suci mah, mïtsaqon gholïdlo, sanés wungkul paantel kulit janten halal, langkung ti éta ogé anu ngabalukarkeun gundal-géndol, tangtuna moal disebat céndol teu dikalapaan.

Mangga nyanggakeun jang ZZZ sautuhna, ti luhur nu dipapaésan ku ketu dugi ka handapna nu dipapaésan ku sapatu, lengkep sareng nu tengahna nu jiga mutu. Nyanggakeun kalawan kaikhlasan sadayana kanggo ditikahkeun ku walina.

Kasaéanana mugi janten papaés rumah tanggana, kakirangan sareng kabodoanana mugi dimaklum, malah mandar digentos ku Allah SWT ku kabagjaan tur kasalametan dunya rawuh ahérat, bari ngagarémbol amal soléh saseueur-seueurna.

Mung hapunten, ieu téh henteu jingjing bawa, kajabi saaya-aya sakaduga. Mugi katampi kalawan henteu nguciwakeun.

Sakitu pamaksadan ti sadayana kalawan sim kuring salaku wawakil, ngahaturkeun rébu nuhun laksa ketikabingahan, bingah nu taya hinggana. Mugi kasaéan kulawarga rawuh anu sami hadir ti pihak néng VVV diwales ku Allah SWT ku kasaéan anu langkung.

Sakali deui, hapunten anu kasuhun, bilih aya ucap nu teu merenah kana manah, aya lampah anu pasalia sareng adat atanapi tata krama.

Sakali deui hatur nuhun, hatur nuhun, hatur nuhun.

Mugia ieu riungan sing ageung hikmah tur barokahna.

Wallähul Muwaffiq ilä aqwamith thorïq.

Wassalämu ‘alaikum war. wab.

Posting Komentar untuk "Conto Nyerenkeun Panganten Bahasa Sunda"