MAMA KUDANG TOKOH ULAMA SEPUH TASIKMALAYA MURID DARI SYEKH KHOLIL BANGKALAN MADURA
MAMA KUDANG
Di dunia kapasantrénan wasta Mama Ajengan Kudang cukup sohor. Pasantrén kolot di Cianjur, Gentur misalna, diadegkeun ku murid anjeuna. Mama Ajengan Syatibi. Nyaéta ramana Kiyai ékséntrik Cianjur Aang Enuh. Guruna Kiyai pénomenal Sukabumi Mama Ajengan Ahmad Sanusi.
Mama Ajengan Kudang, wasta aslina KH. Ahmad Sudj'ai. Dina sawatara literatur catetan sajarah dituliskeunna, Moehammad Soedja'i. Sok digelaran ogé; "Ajengan Bénténg Tasik". Lahir 4 April 1825. Saurang 'arif billah nu pinuh élmu. Sugih pangarti. Teges. Lébér wawanén. Dina nyuprih pangarti, nyukcruk élmu, muru pangaweruh, salasawios guruna nyaéta; Syékh Kholil Bangkalan, Madura. Babarengan jeung Ajengan Abdullah Mubarok bin Nur Muhammad (anu katelah Pangersa Abah Sepuh Suryalaya) ogé Mama Bantarpayung. Ieu "Triumvirat Ajengan Tasik" laju pada² punjul dina widangna séwang²an, tilu élmu pardu 'aén; Mama Bantarpayung ahli Taohid, Mama Kudang ahli Pikih, Abah Sepuh ahli Tasaup.
Ajengan Kudang paham ogé kana (élmu) pulitik. Jeneng jadi tokoh politik nasional mangsa awal kamerdékaan. Jadi salasaurang inohong di Partéi Masjoemi. Malah jadi pupuhu Konstituanteu pawitan. Ieu jabatan ditawis ku anjeunna dina yuswa 106 taun. Tinangtu, anjeunna mindeng interaksi jeung tokoh² nasional séjénna. Kayaning Soekarno (ceuk sakaol mah "tongkat komando"-na ogé pamaparin Ajengan Kudang), Moehammad Hatta, Kartosoewirjo, jsb.
Mama Kudang sempet ngadegkeun hiji kandaga winaya kaagamaan di Tasikmalaya. Sohor ku ngaran anu nisbat kana wastana atawa wasta Kudang téh nisbat ka ngaran ieu tempat; "Pasantrén Kudang". Wahana tempat nyuprih pangarti anu kakoncara kamana-mana.
Numutkeun catetan; "Jurnal Sejarah Pemerintahan Kabupaten Tasikmalaya” pedalan Soekapoera Institute, Ajengan Kudang pernah mupuhuan hiji kumpulan anu ngaranna; “Idzharu Bai'atil Muluk wal Oemaro”. Hiji perhimpunan antara ulama jeung pamaréntah. Diadegkeun ku Bupati Wiratanoeningrat. Anggotana 1.350 urang. Ieu perkumpulan mibanda tujuan pikeun ngahijikeun turta ngaharmoniskeun antara tokoh² agama jeung para pinarat. Ngadumaniskeun antara katokohan kultural jeung kapamingpinan setruktural.
Taun 1925, para kiai di perhimpunan "Idzhar" ngadegkeun deui kandaga séjén. Minangka underbowna. Perhimpoenan Goeroe Ngaji (PGN). Sempet medalkeun karya jurnalismeu pawitanna; "Majalah Islam Al-Imtisal". Tokoh-tokoh séjén nu milu rempug jukung diantarana; H.M. Djarkasi (Kiai Djadjaway), H.M. Pachroerodji (Kiai Sukalaya), R.H. Adjhoeri (Kaum Manonjaya), R.H.M. Saleh (Kiai Babakan Sumedang), R.H. Abdoel madjid (Kiai Mangunreja), H.M. Bakri (Kiai Cikalang), H.M. Haetami (Kiai Ciawi), R.H.M. Moestopa (Kiai Banjar). Laju dina taun 1933, PGN medalkeun majalah; Al-Moechtar. Diantara tokoh-tokohna; H.M. Tajoedin (guru madrasah al-Hidayah Sukalaya), R.H.M. Aon (Ajengan Mangunreja), H.Z. Hasan (Ajengan Mancogeh), R. Ahmad Hidayat (Ajengan Cikoneng), H. Abdoel Goffar (Ajengan Ciroyom Tasikmalaya), Haroen ar-Rasjid (guru sakola Bahrain Tasikmalaya), H.M. Sobandi (Ajengan Panumbangan), jeung H.M. Bakri (Ajengan Cikalang Tasikmalaya).
Ajengan Kudang wapat poé Juma'ah 25 Mei 1961. Dina yuswa sakira 120-an taun. Salasahiji titilar peupeujeuhna, hiji bét syair nu kieu unina; "Aéh-aéh babanjaran, dibawa ka leuwi budah. Paéh ogé teu panasaran, da geus seubeuh ku ibadah."
---------
Penulis: Taofik Al Rakhman

Posting Komentar untuk "MAMA KUDANG TOKOH ULAMA SEPUH TASIKMALAYA MURID DARI SYEKH KHOLIL BANGKALAN MADURA"