ASAL MUASALNA MANUSA
ASAL MUASALNA MANUSA
Dina ayat Qur'an anu pihartoseunnana kieu: "Saenya-enyana Kami ngayakeun manusa tina raacikan taneuh (numutkeun para alim ulama, dina tafsirna, harti tina racikan taneuh teh nyaeta kumpulna unsur-unsur cai, angin, seuneu jeung taneuh), tuluy Kami ngajadikeun tina unsur-unsur eta jadi mani anu dieusikeun kana tempat anu khusus nyaeta rahim ibu. Tuluyna eta "mani" dijadikeun "getih kimpel", ningkat deui eta getih kimpel teh jadi "daging kimpel", tina daging kimpel dijadikeun "tulang", akhirna tulang-tulang dibuntel ku "daging". Sanggeus kitu Kami ngajadikeun "makhluk anu sampurna" nyaeta dieusian "roh".
Mitutur pamendak Paraji cara sesebutannana kieu: "Mimiti mani ngancik dina pianakeun ibu. Dina umur sabulan desebutna "ngaherang". Dina dua bulan disebutna "ngalenggang". Dina katilu bulan disebut "gumulung". Dina kaopat bulan disebutna "mirupa". Dina kalima bulan disebutna "usik". Dina kagenep bulan disebutna "malik", sabab eta murangkalih teh geus daek bulak-balik dina jero patuangan. Katujuh bulanna disebutna "kolot". Kadalapan bulanna disebutna "ngora", sabab eta murangkalih teh jadi ngora deui. Kasalapan bulanna disebutna "medal", sabab geus cukup waktuna eta murangkalih teh medal ka alam lahir".
Kitu soteh mani upama narajang ku sifat-sifat "jamaliyyah"na Gusti Allah tuluy tumuluy anu akhirna jadi manusa. Tapi lamun eta mani upama narajang sifat "jalaliyah"na Allah, akhirna kaluar deui ti ibu jadi kotoran (hed).
Tah kumargi eta, upama naliti asal muasalna manusa anu geus dijentrekeun dina ayat Allah tadi, yen urang teh anu asalna tina racikan taneuh.
Jadi sakumna manusa teu aya bedana, atuh henteu kudu aya rasa leuwih tinu sejen, da buktina samodal, boh istri boh pameget samodal, boh anu kayana, boh nu pakirna, boh nu pinterna boh nu bodona, boh nu menakna, estu sami keneh modalna tina taneuh, anu tug dugi ka jadi mani.
Saleresna mah mani teh aci ning aci tina unsur-unsur anu opat, nyaeta: cai, angin, seuneu jeung taneuh, anu mimitina tina rupi-rupi tuangeun sareng leueuteun, hampasna kaluar deui, acina jadi kakuatan badan, aci ning acina jadi mani, anu mawi disaurkeun dina al-qur'an asalna manusa teh tina mani.
Geuning dina babasan sunda mah, eta mani teh dipake tanda nuduhkeun ka diri manusa, misalna si Dadap teh mani beunghar, si Waru mani pinter, si Wangsa mani pakir. Tah anu jadi menak teh nurutkeun komara bahasa sunda mah nganggo bahasa mani. Singhoreng pangeling-ngeling ka tiap-tiap diri manusa supaya ulah sok poho ka wiwitan (purwa daksina). Mangga ku para hadirin emutkeun, sageuy teu sapagodos, upama urang sadaya ninggal kana asal pusakana manusa, nyaeta urang sakumna teh aya geusan kudu takabur, nyieun adigung adiguna, boga rasa beunghar aing henteu batur, boga rasa pinter dewek henteu lain, jeung sajabana.
Malah kudu sabalikna, jadi rasa rendah ka sasama manusa, terutama kudu akur jeung dulur-dulur, tebih tina sifat papaseaan pacengkadan, sahingga anu akhirna jadi huru-hara ka sakumna.
Geuning dawuhan Rosululloh oge kieu pihartieunnana: "Sakabeh anu dilahirkeun eta manusa kaayannana suci (fitroh)", teu pilih putra sahana-sahana, kabeh oge ku Gusti Nabi mah dianggap suci.
Naon atuh sabab-sababna, geuning aya manusa boh tekadna boh ucapna, boh amal lakuna sok aya dina mahiwal, mengpar tina kasuciannana, sulaya tina kafitrohannana.
Eta teh kitu jujutannana, Asal pusakana manusa teh nyeta tina tina unsur anu opat tea, anu akhirna jadi mani. Eta teh aya ngandung watek-watek tabeat matak jadi manpaat jeung anu matak jadi madorot.
Tah ayeuna urang tetelakeun, mana tabeat watek anu mawa kana madorot:
1. Urang asal pusaka tina unsur seuneu. Naon tabeaat anu jadi madorot tina unsur seuneu? Nyaeta nyarupaan iblis, sabab iblis teh asal pusakana tina seuneu, gawena ngan takabur bae, sedeng ari takabur teh matak ngancurkeun kana sagala kahadean amalna manusa. Ceuk para alim ulama mah keur kaancikan roh syetani, nyaeta keur kasurupan ku pangaruhna syetan, sedeng hal kagiatan syetan teh ngagodanan ka papada manusa parantos sering diterangkeun. Sadayana ge parantos pada maklum.
2. Watek-watek anu jadi madorotna tina unsur angin nyaeta sok edokan, sok bitaan, loyor, toloheor, tegesna henteu aya kateguhan sahingga jadi ria (hayang kapuji, hayang katangar, hayang kamashur) jeung sajabana, sahingga amal lakuna aya pangaruhan. Nyakitu deui kaancikan ujub, rasa nangtukeun untung anu teu acan puguh, oge rasa nangtukeun salamet, rasa nangtukeun lampah manehna leuwih alus batan lampah batur, jeung sajabana, laku lampah anu kitu nurutkeun firman Allah dina ayat al-qur'an anu hartosna misil lebu diteundeun dina batu lempar, eta lebu katebak angin gede anu akhirna henteu aya nu nyesa. Nyakitu deui amal lakuna manusa anu ria jeung anu ujub, sanajan bari loba henteu aya nyangsangna. Malah aya sawios ulama anu nerangkeun, amal perbuatan dibarengan ku ria hukumna musyrik khofi (nyakutukeun Pangeran sacara teu langsung). Diterangkeun deui ku para ulama, ieu teh disebutna "roh nabati", nyaeta pamadegan manusa anu kasurupan ku rupa-rupa tumbuh-tumbuhan eceng gondok, estu teu aya kateguhannana, cacakan ku angin leutik oge geus ngaler ngidul, geus komo lamun ku angin gede.
3. Watek-watek anu jadi madorotna tina unsur cai nyaeta sok nekad, khianat, sahingga karepna wani hasud ka papada manusa, kajeun batur cilaka asal manehna henteu, kajeun batur tigebrus asal manehna henteu, kadang-kadang maksud nyilakakeun batur, contona saperti cai banjir teu aya barang kinasihan, hartina teu aya dikarikeun, boh hartana boh badanna, kadang-kadang manusa oge bisa kabawa hanyut ku banjirna cai. Dimisilkeun di manusa mah anu ngumbar nafsu, ceuk paribasana mah nekad kari kumaha engke, estu leungit tina sagala jeujeuhan jeung katertiban, anu difirmankeun ku Allah swt dina qur'an anu pihartoseunnana kieu: "Lamun maneh keur meunang kauntungan, tah maranehna anu hasud ngadak-ngadak sarusah, sieun kaelehkeun. Sabalikna lamun maneh keur meunang cilaka, tah maranehna anu hasud sok ngarasa gumbira (suka ria), malah mupuas". Ceuk para alim ulama mah, manusa anu kitu teh keur kaancikan "ruh hewani", tegesna manusa anu keur kasurupan ku sato hewan.
4. Watek nu jadi madorotna tina unsur taneuh nyaeta jadi manusa kandulan, mumulan, kedulan, sahingga teu aya guam, sabab atina "zumud", lir saperti taneuh, kadang-kadang saperti batu teuasna, sumawonna hayang nembongkeun pangarti ka babaturan, sanajan manehna dibere ngarti oge henteu ngagugu, watek atina teuas saperti batu.
Dawuhan Allah dina qur'an anu hartosna: "Teuasna ati manusa mah leuwih teuas tibatan batu", dina pribahasa Indonesia oge sok disebut "berkepala batu", tah ieu ceuk para alim ulama keur kaancikan "roh jamadi", nyaeta manusa nu keur kasurupan ku "batu", anu buktina di manusa sok mantangul, sok ngabandel, anu akhirna teu bisa mecahkeun sagala hal anu dimaksud.
Mudah-mudahan bae urang sadaya dibukakeun ati urang tina zumudna ku Pangeran Anu Maha Kawasa.
Ku ayana naliti salira, ku ngabokerkeun asal pusakaning manusa tadi, urang sakumna tangtu bisa ngarasakeun kaayaan diri pribadi. Ceuk urang teh: "Paingan atuh urang teh teu daek hideng bae, leungit katentremannana, teu aya kateguhan salawasna, sabalikna gawe teh ngan bimbang jeung bimbang bae, henteu aya katetepan hate, kitu lain kieu lain, tempo-tempo keur ngamalkeun ibadahna oge pikiran teh awur-awuran, sahingga rasa teu puguh rampa, anu akhirna ati urang jadi was-was salawasna, jadi manusa anu madorot tina unsur-unsur anu opat tea".
Ku para alim ulama dijelaskeun, yen watek-watek tina unsur-unsur anu opat, boh anu madorotna boh anu mangpaatna, eta teh disebutna "nafsu", anu jelasna watek pribadi.
Leuheung keneh, para hadirin, ngan sakadar manusa nu ngagugu kana watekna pribadi, sanajan tina jalan anu madorotna, orokaya, narajang kaasupan ku panglindih iblis, ku panggoda setan, anu manehna ngahaya bener-bener hayang nyilakakeun manusa, kari-kari manusana sorangan aya karep napsu anu mangrupakeun mere tempat nyadiakeun panglindihna iblis panggoda setan, atuh mangkin ngawujud bae hirup tangtungannana manusa, dina sagala amal lakuna henteu jadi kamahlahatan, henteu jadi kamangpaatan, boh keur dirina, boh guna keur masyarakatna, sabab sakujur dirina manusa, lahir batinna geus kaliputan, kalimpudan ku panggoda setan pangwujuk napsu.
Kusabab kitu urang ayeuna kudu usahakeun, diikhtiaran, ditarekahan.
Ku jalan naon atuh ditarekahannana? Teu aya lian urang kudu "kuat imanna", "teguh tauhidna" ka Pangeran. Carana keur nguatan iman nyaeta kudu ngalobakeun dzikir ka Pangeran. Numutkeun sabda Nabi Muhammad saw: "Iman maneh kudu diteguhkeun bener-bener ku jalan ngalobakeun dzikir, nyaeta ucapan la ilaha illalloh". Nyakitu deui dawuhan Allah dina lebet qur'an anu pihartoseunnana: "He manusa-manusa anu pada iman, lobakeun dzikir ka Allah".
Akhirul kalam, mudah-mudahan urang sadayana tiasa dipaparin taopek hidayahna ku Allah swt guna ngaikhtiaran jeung narekahan salira urang masing-masing supaya aya dina kasalametan dunya rawuh akherat. Aamiin.
Dicutat tina: Sintoris
Manaqiban: 11 Safar 1388 H / 29 April 1969 M
PANGERSA GURU AGUNG
SYEKH AHMAD SHOHIBUL WAFA TAJUL ARIFIN QS RA
Posting Komentar untuk "ASAL MUASALNA MANUSA"