Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Nyerenkeun Panganten

 Hadrotul mukarromuun para kasepuhan para alimil ulama para sarjana para tokoh pejabat Negara, para kiyai para qori para tokoh agami wabil khusus panganten istri miwah kulawarga besarna anu ku simkuring di pika hormat mudah mudahan ngempelna urang dina danget ayeuna sing dijantenkeun perkumpulan anu dipinuhan ku rahmatna allah sareng ditangtayungan ku ridho sinareng magpirahna allah subhanahu wata’alaa. Aamiin.


Sateacan ngomo nu dimaksud ngedalkeun anu dicita cita nu kusimkuring di pikahormat bapa pengatur waktu panjajap acara, simkuring ngahaturkeun mangrebu rebu nuhun laksa keti kabinghan parantos masihan waktos ka simkuring pikeun nyarios.


Simkuring atas nami asmana pun lanceuk Kang pulan bade ngadugikeun sababaraha pamaksadan.


Nu kahijina simkuring sinareng rombongan dongkap ka dieu teh seja bade silaturahmi 


Alhmdulillah simkuring nganuhunkeun ka gusti anu maha suci kumargi dina danget ayeuna parantos tepang dua kulawarga mudah mudahan pertemuan ti dua kulawarga sing ngalahirkeun pirang pirang kasaean rahmat sarta ijabah allah subhanahu wata'ala.

mudah mudahan ku wasilahna ngalaksanakeun silaturahmi hubungan antara kedua belah pihak ti calon panganten istri miwah keluarga besarna sareng ti calon panganten pameget miwah keluarga besarna tiasa tambih raket sanes saukur di dunia tapi natrat dugikeun ka akherat. Aamin


Mudah mudahan ku wasilahna ngalaksanakeun silaturahmi urang sadayana kagolongkeun kana golongan jalma jalma anu iman ka allah sareng iman kana poe akhir. Sabab kanjeng nabi ngadawuh


من كان يؤمن بالله واليوم الاخر فليصل رحم


"Sing saha jalma anu iman ka allah sareng iman kana poe akhir maka laksanakeun silaturahmi


Simkuring ngahaturkeun mangrebu rebu nuhun laksa keti kabingahan ka sohibul bait parantos ngalinggihkeun, ngangkeun, ngabageakeun rombongan sadaya mudah mudahan kasaean sohibul bait miwah kulawarga sadayana sing dibales ku allah ku ganjaran anu langkung sae dunia akhera

sabab nabi ngadawuh 

من كان يؤمن بالله واليوم الاخر فليكرم ضيفه

"Sing saha jalma anu iman ka allah sareng iman kana poe akhir maka mulyakeun tamuna

dina ieu saah dibuktikeun bahwa sohibul bait mangrupikeun jalma anu iman ka allah sareng iman kana poe akhir dinyatakeun ku ayeuna ngangken ngalinggihkeun ngabageakeun tatamu rombongan sadayana, hatur nuhun ka sohibul bait

Anu kaduana maksad simkuring miwah rombongan ka dieu teh seja bade silatul wa'di anu hartosna nepangkeun janj

Janji anu jadi pameungketna ati alhamdulillah dina danget ayeuna tiasa ditepati mudah mudahan calon panganten istri anu ngadago dago ti bareto nganti nganti ti kamari kana ieu janji teu ngaraoskeun hariwang deui sabab aa nage alhamdulillah parantos dugi

Anu katiluna simkuring miwah rombongan dongkap ka dieu teh seja bade silatul mali
teu seer anu dicandak ku simkuring miwah rombongan saur paripaosnamah teu jangjang teu jing jing teu kapal teu kepel da teu aya kapal anu tiasa kakepel hapunteun simkuring saageung ageungna bilihmah teu nyandak simbut anu disoang soangkeun teu nyandak sepre anu digajah gajahkeun simkuring ngan saukur tiasa nyandak soang nu aya di jero sepre sareng ngan saukur tiasa nyandak gajah anu dina jero simbut, sakali deui hapunten saageung ageungna. tapi sok sanaos saur paripaosna simkuring miwah rombonganteh ngan saukur tiasa nyandak wajit sasiki ranginan sapotong sareng pindang sakeuret mudah mudahan we atuh sohibul bait miwah kulawarga kersa nampi sanes maksad bade nyapelekeun tapi mung sakieu kabuktosan nana. mudah mudahan harta nu dicandak teh sing janten jimat tur manfaat pikeun ngambah sagara rumah tangga. aamiin

Anu ka opatna simkuring miwah calon panganten kadieu teh seja bade silatul jasad nu hartosna nyambungkeun badan. mangga nyangga keun calon panganten pamegetna ka sohibul bait ingsya alaah ieu pamudateh tos nyumponan syarat pikeun jadi calon panganten
kahiji islam. simkuring yakin sa yakin yakinna ieu pamudateh beragama islam
ka duana berakal sehat
ka tiluna bener bener lalaki
ka opatna teu aya hubungan mahram
ka limana teu nuju ihram haji. ingsya allah da ieumah di bogor
mangga sakali deui nyanggakeun calon panganten pamegetna ti luhur sausap ketu ti handap sausap sapatu malihmah pangersa ti tengah aya nu sapertosken kueh putu teasna ibarat batu lamun ker kempes ibarat tahu mun teu manggih dua minggu ingsya alaah panganten istri bakal murukusunu.

Anu kalimana dongkapna simkuring miwah rombongan ka dieuteh seja bade silatud dua
tegesna ngiiring pangjejel doa atuh urang doakeun we ku urang sadayana mudah mudahan ieu calon pangantenteh sing dijantenkeun ku allah subhanahu wata'ala sebagai keluarga anu sakinah mawadah warahmah rodhiatan mardhiah. aamiin

intina simkuring miwah rombongan ka dieu teh seja bade nyanggakeun silaturahmi, nepati janji, nyanggakeun harta, nyanggakeun putra sareng ngiring jejel doa.

sakitu anu tiasa kapihatur hapunten bilihmah kirang titi kirang tata duduga peryoga cologog sareng sajabina malum ciri sabumi cara sadesa. sakali deui hapunten saageung ageungna akhirul kalam assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.



Posting Komentar untuk "Nyerenkeun Panganten"