Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Conto Teks Sungkeman Sunda Singkat Padat

 


UPACARA SUNGKEMAN PANGANTEN


UPACARA ADAT SUNDA


SUNGKEM


Alhamdulillah wasyukrulillah. Ijab qobul parantos lekasan. Kiwari parantos cindek, dua insan resmi jatukrami mungkas mangsa lalagasan.

Salajengna, tawis insan anu iman tur soleh, Eling kana purwa dumadi. Ti mendi nya kawit, ti mana nya asal. Cukang lantaran diyugakeun ku ibu rama.

Ku kituna sumangga ka panganten sakalih dihaturanan sungkem ka ibu sewang-sewangan.


(singkem ka ibu sewang-sewangan)


Kunasari:

Duh Ibu hapunten abdi

Tina sugri kalepatan

Rumaos abdi rumaos

Abdi sering ngaraheutan

Ibu kantos kahesean

Ngurus abdi ti kapungkur

Ngamongmong ngadama-dama (2X)


Anaking mangka emut “Ridollohi firidowalidain. Wasuhtullohi fiisuhtihima…”

Karidoan Alloh gumantung kana ridona ibu sinareng rama. Sawangsulna, bebendu Alloh gumantung kana benduna ibu sinareng rama.


(sungkem ka rama sewang-sewangan)


Duh Apa sungkemeun abdi

Nu ngayuga ngarasanan

Ngabayuan hese cape

Bela tur nyaah ka putra

Abdi mah kantun raosna

Abdi sujud neda ampun

Neda jembar hapuntenna (2X)


Duh… anaking, beubeulahan jiwa Apa. Apa rido anaking dug hulu pet nyawa, nyiar pakeun pikeun hidep. Ieu tanggel waler Apa sangkan hidep bagja waluya.


(sungkem ka ibu mertua)

Jemplang Bangkong


Nyanggakeun sungkem pangbakti

Ka salira nu miheman

Mageuhan tali kasono

Widi ibu kalih apa

Abdi tiasa laksana

Pidu’a anu kasuhun

Enggoning ngalakirabi (2X)


 Anaking jimat awaking, ibu bagja liwat saking. Hidep baris ngaping ngajaring, rumawat ka anak ibu. Masing  teteg, masing panceg. Ulah ham ham. Du’a ibu nyarengan lumampahna hidep.


(sungkem ka apa mertua)


Apa anu mikaasih

Abdi neda pidu’ana

Oge mugi Apa rido

Seja miheman ka putra

Sapapait samamanis

Sasarengan silih tuyun

Ngahontal rido pangeran (2X)


(Du’a anak sholeh)

Nun Gusti mugi Gusti ngahapunten kalepatan diri abdi, pon kitu kalepatan sepuh abdi. Sareng gusti mikanyaah mikaasih ka aranjeunna sapertos aranjenna mikanyaah ka abdi waktos alit.

Posting Komentar untuk "Conto Teks Sungkeman Sunda Singkat Padat"