SILIH SIMBEUHAN ANTARA MUSLIMIN MUSLIMAT
*SILIH SIMBEUHAN ANTARA MUSLIMIN MUSLIMAT*
...
Diterangkeun dina kitab At Targhiibul Ashbihani dina bab "Nyumponan Kana Kapentingan-Kapentinganna Jalma Lian" anu intina: Shohabat 'Ali bin Abi Tholib rodhiyalloohu 'anhu ngariwayatkeun saéstuna Rosuulullooh Shollalloohu 'Alayhi wa Sallam ngadawuh: "Ari kawajiban jalma muslim ka sasama muslim èta aya 30 perkara. Manéhna moal bisa bébas tina èta perkara kajaba manéhna ngalaksanakeunna atawa ngahampurana. Kawajiban-kawajibanna diantarana nyaèta:
1. Silih pikanyaah.
2. Nutupan kana aib manéhna.
3. Ngurangan beban bangbaluh hirupna.
4. Narima kana pangakuan kasalahan manéhna.
5. Mulangkeun barangna nu leungit.
6. Rajeun ngawuwuhan manéhna.
7. Ngajaga kakaitan duduluran jeung manéhna.
8. Ngajaga titipan manèhna.
9. Ngalongok manèhna nalika katibanan gering.
10. Mérè kasaksian anu alus ka mayitna dimana maot manéhna.
11. Nyumponan pangulemna.
12. Narima kana hadiahna.
13. Nyambungkeun hubungan silaturrohim.
14. Rajeun ngabagéakeun ka manéhna.
15. Hadé laku ka manéhna.
16. Ngajaga kahurmatanna.
17. Nyumponan kabutuhna.
18. Narima kana bantuanna.
19. Teu nguciwakeun kana naon anu jadi pangharepan manéhna.
20. Ngado'akeun nalika manéhna bersin.
21. Nuduhkeun jalan nalika manèhna kasasar.
22. Ngajawab kana salamna (rék kumaha baé salamna, misalna sampurasun, dugeng daluh, pripun kabaré, kumaha damang jsb).
23. Nyarita sing nata.
24. Ngahargaan kana jasana.
25. Ngabenerkeun kana sumpahna (anu bener).
26. Nulungan manéhna nalika milampah kadzoliman ku cara nyait manéhna tina éta kadzolimanna.
27. Nulungan manéhna nalika aya nu ngadzolim ku ngabantu dina nyokot kana hak-hakna.
28. Deudeul marengan.
29. Tong nyalutak/sangeunahna ka manèhna.
30. Tong ngahinakeun jeung tong ngomongkeun kagorénganna.
👉Moal aya hiji ogé tina sakabéhna éta perkara nu disapirakeun ku hiji jalma anging jaga dina poé kiamat bakal ditungtut ku Alloh SWT (sabab fungsi agama nyatana kudu nanjerkeun kasejahteraan sosial jeung suprémasi hukum dina kahirupan sapopoéna)."
- Kitab An Nawaadir
Mugia manfaat.
Walloohu A'lam Bish Showaab

Posting Komentar untuk "SILIH SIMBEUHAN ANTARA MUSLIMIN MUSLIMAT"