Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

kudu jadi perhatian urang dina bulan Rajab ieu, gunakeun sing aya ningkatna

 


Wejangan Ka 67 PANGERSA ABAH ANOM (SYEKH AHMAD SHOHIBUL WAFA TAJUL ARIFIN RA

kudu jadi perhatian urang dina bulan Rajab ieu, gunakeun sing aya ningkatna. 

Gusti Nabi nerangkeun dina sajarahna, anjeuna ka langit kahiji, kadua, katilu dugi ka langit katujuh, ka sidrotul muntaha. Urang ningkatkeunnana numutkeun ulama tasawuf kudu mapay-mapay lathifah anu tujuh, anu di dunya pinuh ku gogoda-gogoda anu rek megatan urang, sabab karep syetan jeung nafsu reh rek nyasabkeun, rek nyasarkeun, nyasarkeunnana lain dina luar badan bae, tapi di jero badan.

Dawuhan Nabi:

 إِنَّ الشَّيْطَانَ يَجْرِى عَلَى النَّاسِ مَجْرَى الدَّمِ حَتَّى تَحْطَرُ بَيْنَ الْمَرْءِ وَقَلْبِهِ

Syetan ngagoda manusa teh asup kana jero badan manusa melalui lubang getih, menuju pusat getih. Di dunya manehna nyeureud, ngajak supaya manusa kedul, mumul, mantangul, ari di jero diolahna nafsu", nyakitu: "Musuh kaula, oge musuh Aranjeun-Na teh nafsu anu ngancik salilana dina jero hate, tah hate urang teh dipake rundingan nafsu, boga karep rek nyasabkeun, rek nyasarkeun, sakumaha dawuhan Alloh:

وَيُرِيْدُ الشَّيْطَانَ أَنْ يُضِلَّهُمْ ضَلَالَاَ بَعِيْدََا

Ari maksud syetan teh rek nyasabkeun, rek nyingkirkeun, rek mengkolkeun, rek ngagagalkeun sagala maksud hade manusa, boh dunyana, boh akheratna.

اِنَّ لِكُلِّ شَيْءِِ صِقَالَتُُ وَصِقَالَةُ الْقُلُوْبِ ذِكْرُاللّه

Saterangna sagala rupa oge aya alat keur ngabersihkeunnana, saperti ngabersihkeun buruan aya alatna, keur ngabersihkeun samak aya alatna, keur ngabersihkeun karpet aya alatna, keur ngabersihkeun badan, keur ngabersihkeun gigi, keur ngabersihkeun mata aya alatna:

 وَصِقَالَةُ الْقُلُوْبِ ذِكْرُاللّه

Ari alat keur ngabersihkeun hate dzikir ka Gusti Alloh.

Tah, jadi tina lathifah kahiji, kadua, katilu dugi katujuh teh, teu aya deui keur mersihkeunnana iwal ti ku dzikir. Numawi Sulthon Aulia ngadawuhkeun:

اَلْمِعْرَاجُ هُوَ الْعُرُوْجُ عَنْ كُلِّ شَيْءِِ سِرَانِى

Mi'roj teh naekna rasa, ningkatkeun kanu sejenna, da lamun teu ku dzikir mah moal bisa. Kanggo naon eta teh? Kangge ngilangkeun sagala gerakkan syetan jeung nafsu anu ngahalangan dina jero batin urang. Pan Gusti Nabi oge kantos dihalangan ku iblis nalika angkat ti Masjidil Harom, iblis ngageroan, mimitina ti katuhu, "Ya, Muhammad!", teu diwaler. Ti kenca, "Ya, Muhammad!", teu diwaler. Akhirna ti hareupeun mawa obor ngahalang-halang, tapi teu beunang dihalangan, terus jalan. Ceuk paribasa "anjing menggonggong kafilah berlalu", ku Gusti Nabi mah digunakeun. Ari urang mah digeroan ti katuhu ngalieuk, digeroan ti kenca ngalieuk, ti hareup nepi ka henteu ngalakukeun hade ngarasa kahalangan.

Tah ulah dugi ka kitu, gunakeun dina urang ngalakukeun khotaman berjama'ah, lain sakadar di Suryalaya bae, di mana tempat anu geus dibuka manaqiban, pangajian, sarumpingan ka eta tempat, nyirikeun urang bener-bener ningkatkeun diri ngudag kahadean lahir batin, ulah dugi katinggal angger. Kamari memeh rajab kalakuan teu bener, ayeuna rajab masih teu bener keneh. Kamari kedul, ayeuna masih kedul keneh. Kamari mumul, ayeuna masih mumul keneh. 

Tah ulah dugi ka kitu. Hayu urang tingkatkeun, meungpeung bulan rajab, terutama sakeudeung deui bulan rewah ngayakeun shalat Nisfu sya'ban anu 100 raka'at. Teu perlu dihoreamkeun aya halangan. Kusu ageung manah kana ibadah ka Allah mah, saperti para sahabat, para tabi'in. Urang ikuti ku urang, ulah kapiheulaan ku wegah, kudu rasa enteng, rasa hampang, boga karep anu tinggi, ulah jadi manusa anu karepna anu kotor, anu rupek, anu mundur kadang-lkadang hancur.

Jadi kasimpulannana, mi'roj teh ti masjid ka masjid. Mimiti urang lumampah ngalakukeun kahadean teh dasarna sumujud ka Pangeran dugi ka anggeusna tetep sumujud. Ulah ditembongkeun diri urang aral subaha, ngananaha, komo ditalukkeun, jeung kaayaan urang masih kieu bae, ti bareto osok sholat oge, tahajud osok, tasbeh osok, tapi tetep bae kahirupan teh mundur terus, tah ulah dugi dikaitkeun kana kahirupan anu model kitu, justru urang nembongkeun ibadah teh didasaran ku sumujud, pinuh ku kasabaran ku katawekalan.

Manaqiban: 11 Rajab 1412 H / 1991 M

PONTREN SURYALAYA TASIKMALAYA


Posting Komentar untuk "kudu jadi perhatian urang dina bulan Rajab ieu, gunakeun sing aya ningkatna"