TOBAT, DU'A, ZIARAH
Wejangan Ka 1 PANGERSA ABAH ANOM
TOBAT, DU'A, ZIARAH
Nalika Sulthon Aulia munajat, dikersakeun ku Alloh dumugi ka panangan Kangjeng Nabi tiasa ngabungkeuleuk, dicepengan ku anjeuna. Ieu teh barang pamohalan, para hadirin, lamun diemutkeun ku akal, nanging ulah disawalakeun anu langkung luas, ieu teh sadayanan oge kakawasaan Alloh, ku wewenangannana saha nu rek ngagugat-gugat, saha nu rek bisa ngabendung, moal deui manusa anu sholeh, khususna para nabi, para rosul, oge para auliana Alloh. Upama teu kaharti salangkung ku urang, keun bae teu nanaon, da karamat disebutna oge ari anu jolna ti para wali mah. Upama anu jolna ti rosul jeung nabi, eta disebatna mu'jijat.
Karamat atawa kamuliaan, kaagungan ieu teh ulah dihususkeun ka Sulton Aulia bae! Sabab ti anjeuna teh seueur deui, malah urang ge ku Alloh geus dimuliakeun, ceuk bahasa arab mah karomat, eta teh geus pada nyangking, ngan hanjakal ku urang sok disalah gunakeun, nu akhirna diri urang teu diabdikeun ka Alloh, narima rizki, milik ti Alloh teu nembongkeun kasyukuran ka Alloh, temahna dawuhan Alloh dina Al-Qur'an, nu puhartoseunnana: "Kami geus ngamulyakeun ka sakabeh putra-putra Adam", cing aya nu kari? Sihoreng geus kabeh dimulyalkeun ku Alloh, geus kabeh, geus rata. Bongan bae, lain urang sorangan teu aya kahadean, tapi urang sorangan nu mengkolkeun kahadean.
Cobi lamun eta karomat (kamulyaan) ti Alloh ku urang teras dipiara, tangtu kalebet kana firman Alloh anu hartosna: "Saterangna manusa anu ku Kami tuluy dimulyakeun (berkaromat), jalma anu ngabuktikeun katakwaan (tunduk, patuh) ka Pangeran dohir batin". Jadi atuh lamun kamulyaan anu ku Alloh dilimpahkeun teh pantes bae rek musna oge karomat (kamulyaan) teh, sabab salah urang keneh. Firman Alloh anu hartosna: "Kami geus ngajadikeun manusa mulya tur berpangkat luhur, satuluyna Kami ngabalikkeun harkat anu panghandap-handapna (hina) ku sabab amal, laku lampah". Mugi-mugi urang sadaya diraksa ku Pangeran sing tiasa miara kamulyaan (karomat), papada dina amal laku mengpar oge, ulah kadalon-dalon, gancang babalik pikir.
Tah kitu penjelasan "karomat". Geus teu kudu aneh, terutama jadi mangmang, ulah! Komo deui Sulton Aulia anu pamadegannaNa teu petot ibadahna siang wengi ka Pangeran.
Naon deui sababna nu matak urang leungit karomat (kamulyaan) ti Alloh? Nyaeta teu aya lian urang kurang waspada kana salira, sok rasa mokahaan, antepan, da buktina dikudukeun ibadah oge, teu weleh-weleh ngagugu ka embung, ari rajeun teh daek, jiga heueuh bae bareng jeung batur-batur, bareng ruku, bareng sujud, padahal hate mah kamana mendi, tempo-tempo nguruskeun hutang, cenah eta teh keur ibadah (madep) ka Pangeran, moal enya madep, nu keur madep "luar-leor", lain sok kitu, saderek-saderek? Ah, ulah dipinding-pinding, urang araku bae, supaya urang daek ngomean. Ku pribados oge ieu teh tos sabaraha kali disanggemkeun "Allohu Akbar (Alloh Nu Agung", tapi kumaha ari dina hate, sulaya, sabab nu diakbarkeun (nu diagungkeun dina hate) lian ti Alloh (kabingung, kabutuh jeung saterusna ti eta).
Sulton Aulia pangaheng karomatna, sabab bener-bener takwana, pangna luhur darajatna, sabab kacida tunduk jeung patuhna kana parentah Alloh, di antarana anjeuna ngabdi ka Pangeran, ngalaksanakeun parentah Alloh sareng Rosulna "munajat sareng tobat" dina waktos ziarah ka eyangna, nyaeta Rosulullos saw. Dina eusina munajat, tumarima nandangan dosa, anu eta dosa ku anjeuna diibaratkeun gunung syam, malah disarupakeun budah sagara, ngadenger mundut pangampura ka Pangeran dina salebeteun ziarah anu lamina 40 dinten, ngajerit raosna neda dibebaskeun tina sagala perdosaan, margi mantenna, Sulton Aulia, uninga anu jadi hahalang kana bagja keur akherat teh nyaeta dosa perdosaan, margi dawuhan Alloh anu hartosna: "kudu tarobat maraneh anu sabener-benerna, tangtu dihampura kalayan sagala kakuciwaan diganti ku kasampurnaan", oge dina ayat anu sanesna "bakal dipaparin kabungahan".
Tuh kitu anu budiman mah, teu pedah pangkatna aulia, geuning teu weleh-weleh bae taubat, rumaos aya dosa, make wakca ka Pangeran. Naha atuh ari urang ku nemen pisan mumul teh, ngan karep teh embung bae
ibadah teh, geus salse ku salsena, geus komo ari peuting mah, teu cara rek meunang kauntungan, mani giat naker. Kumaha ari bade angkat ka kantor, mani marelid pisan, cacak ka kantor keur ngatur urang di dunya, mani kaleked, geus komo lamun geus dugi ka waktosna kudu ngantor ka kantor Pangeran, aduh mani haroream, langkung-langkung dina subuh teu kaur malikkeun simbut.
Kumargi kitu, mugi-mugi Alloh swt maparin taufik ka urang sadaya tiasa nyonto ka Sulton Aulia, sabeunyeureun sasieureun jadi manusa anu to'at kana parentah Alloh sareng Rosul-Na. Amin.
Wabillahi taufiq wal hidayah, wassalamu 'alaikum wr. wb.
Dicutat tina: Sintoris
Manaqiban: 29 Januari 1969 M.
PANGERSA GURU AGUNG SYEKH AHMAD SHOHIBUL WAFA TAJUL ARIFIN RA
Posting Komentar untuk "TOBAT, DU'A, ZIARAH"